Text
Sripanggung
Roman Sripanggung beunangna Tjaraka (salasaurang Digulis)kaasup karya sastra Sunda anu ngungkab hal eta. Katara onjoyna ieu roman mun dibandingkeun jeung karya-karya lianna anu nyokot kasang tukang kahirupan dikontrakan enteh. Lain bae ku lantaran ajen sastrana leuwih unggul, tapi deuih gambaran kahirupan sapopoe masarakat kontrakan anu dicaritakeun ku pangarang karasa leuwih ebreh jeung leuwih realistik dina hubunganana jeung hirup kumbuh urang Sunda mangsa harita. Lalakon dina ieu carita lumangsung ti taun 40-an tepi 50-an. Ku kituna anu maca bakal weruh kana robahna ajen-inajen sosial tina alam kolonial (walanda jeung Jepang) ka alam kemerdekaan.
Tidak tersedia versi lain